Katingal ti katebihan
Katumbiri bijil di palebah Curug Cigamea
Daun camara ting garupay
Oge tutuwuhan lainna
ngajadikeun ciciren yen
eta gunung peradaban aya keneh
Mere nyaho ka sabudeureun
Gigir Gunung Bunder mere
carita yen Prabu Siliwangi tos
nincak ka kampung Jero Kuta
Kampung adab para kawula
nagara

Mere sumarene
dina Sanghyang lalakon
pandita satapak jalak

Ku : Rida Nurdiani