Pakuan pos – Awak nyangigir ka kiblat
Nepakan reungit jeung rametuk hiber kana sirah
Naha gening aya keneh kembang sajati patali hirup
Pikeun emutaneun urang
Ngawawuhkeun ka mandala surya waruga
Mepeling ka awak sakujur
Komo mun bisa barang bere ka deungeun
Mukakeun lawang salapan tina awak sorangan
Loba pisan nu kudu diguar
Rea tibatan bentang nu anyar hujan
Langit nembongkeun cimata kanyaah
Kalakay ragrag tina dahan reunggas
Kukupu eunteup kana mastaka pribados
Reang sora mager sagara
Moal bisa ku raga dijugjug
Mun teu muka wanoh jeung surti ka Jati
Nu bakal disorang jaganing pageto

Ku : Ace Sumanta
Nagrak Bogor, 4 Mei 2020